Puisi Sunda By Ustadz Awa Motivator Cinta

Puisi Sunda
By Ustadz Awa Motivator Cinta (Ustadz AMC)

Bari nagog sidéang payuneun hawu
seleweg sorabi, pia-pia, sareng gémét dianueun sabrang
belewek leupeut, kuping, jeung béca
camuil koécang, kadempling, sinareng pepentul
suruput ci entéh ngalampog guguplakan kénéh kakara némbok

nu lianna nyondong sangu saceceting, celem gori, gegecok pécay, dédéblag
papais puntir, papais entén, tur papais koci alias papais monyong
ogé aya sabangsaning komplang, boléd, kasapeu, tapay
gemblong, kaléntong, rarabudig, otokowo, katut bukasirap
teu ka kantun aya seupan waluh cabér sareng kasemek lénoy

di karang, bréh rubiah keur cacakar
pédah pabalatak runtah dina hawangan
patulayah beton dipangpéngkeun ku bebenjit nu ngaboséh epit
nyaeur jukut di téoheun tatangkalan
ti dia, tuluy nyeuseuh gembong nu ngageneng
nu cambostrok, kulapengan, jojolopot, jajalabud
nu digawingkeun dina paku
ogé numpra, ngumbruk luhureun sepén

matak menit mun nyawang kaayaan nagara mah
sangkilang geus jéntré, écés, tétéla, puguh jujutannana
har geuning diingkeun baé atuh
kaligané tiasa nyalonkeun deui
mana kitu ogé da ditangtayungan ku pangawasa
pupuhu nu teu weléh murangkél, nangkod ka emih

kiwari jenuk buktos nu dipungkir
sanajan ngayah nu nyaksénan
haré-haré waé bororaah didéngé
bororaah ditedunan sina dibulubuskeun ka pangbérokan
majarna mah pidoli teuing
teu barang kokodereun

baruk ieu téh nagara hukum
ceunah kawentar nagara Pancasila
ngagulkeun nagara démokrasi keding
geuning ngabadeg nu jogol diantep waé
réa nu ngarumpak agama jeung daligama teu dipiroséa

dawuh Pangéran dijantenkeun sisiwo
majarna éta mah ngan pikeun nu boga uteuk dagé
ulama dipitnah, diképéskeun, dibagéro
ari rahayatna diréken jalma biko
bujigen, olol lého, budak satepak, bolostrong
nu teu pélag nanaha, teu ejos nanaon

lamun kapilih, da kalayan bulit
anggang tina sipat sinatria
sidik bukti ngan teu dipaliré
tonggoy, cadu lungsur, tagen teu régrog-régrog
majarna teu gerajel, teu sudi najis teuing

infrastruktur, réklamasi meunang ngajeblug
hutang nagara beuki ngaladeg
nagari nu tihothat dimerdékakeun
dimurah-maréh, dibajongkeun ka batur
dibikeun ka deungeun-deungeun
cacakan lain pangaji saképéng
somah ngan bati ngégél curuk
teu kabagi sagoéng-goéng acan

engké meureun mun wawales geus tumiba
pami nagara tos reksak, rujad, amburadul, babatayan
kadodora hanjelu teu kélu, hanjakal teu ngakal
éta ogé mani bangga élingna, majar teu digeuingkeun

dipikir-pikir mah matak kagugu
ku lalampahan inohong loba anu owah
mimitina kéképésan, ujug-ujug jorojoy, kabongroy, kabita
rumpang-rémpéng, celedut wé kaboga batur, kokod monongeun
batur mah kabeureuyan ku ésé kadu
ieu mah bet kapelag ku cicis é-katépé
mangkaning mang pirang-pirang, matak weureu, kawewegen
hahajaan pisan, lain saménél, sanés saenél
ngabalukarkeun duit nagara ledis, korédas
bating kangilad jang pangwangunan mah

kakaratak, kukurutuk, kokorobét sauyunan
merod enjah disalahkeun, ngaliarkeun taleus ateul
tukang ngagombrang, tukang ngabustom, ngecebrek teu saujratna
kacerek deleg teu kaop ngalambus, cawéhwér, ngayekyek, rerempodan
cilaka dua belas, sasapaan tujuh patrunan
sihoréng kitu téh mung ukur sakotéap, sakolépat
satuluyna carita teu kungsi diguar deui
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana

kamangkara ngadagoan dilaknat mah
kawas ajab ka karuhun urang baheula
remen kaeleb, tikerebek, roroésan, kokoréalan, lapur wé
jiga nagara deungeun diperekpek hujan mungkal
aya deui sajajagat kaléntab ku seuneu ngabebela
pon kitu deui longsor jeung caah bena nu motah temen
nyanéh nu mikalampah, batur nu kabalérang

embeu atuh sadérék kum ka sadayana
cuang sisingkil, tong waregah
taki-taki tina bancang pakéwuh
tong sok makruh dina réngkak paripolah

teu kénging janten jalmi basilat
nu sok ngirangan kiloan, tara mikeun susukan
mabok alatan nohtor sababaraha gendul
ceceremed, babadog pakaya batur
raksukan teu mararatut mung calana komprang, nistakaken pisan
peuting ngeweng-ngeweng ngulampreng ngasongkeun apem aseum
indehoy, mondok, gulang gapér, babalantik ula jeung duraring
montong sok apén alé, dusun, baragajul, jeung munapik
ulah jadi jelma ngedul, tukang paparin, embung digawé
ngadaweung wungkul, humandeuar, heuay, nangkeup harigu

émut, sapertos kapungkur nuju alit ning
waktos bada apun dipangmésérkeun acuk énggal
papung sapuratina, cécéwok rambéték kénéh
rikat méjéng sanajan godombrang, asal négong
sirilik ka tanjak, paléot, breng ka pudun, gumasép gumeulis
ngérépkeun kakarén nu teuas balagenjat geus hapeuk

nalika kénging peunteun jabeg atoh kagirinakeun
basa ngadu pinci kutuy pundung, meunang ajrét-ajrétan
tibuburanjat ngudag langlayangan leupas nepi ka rorombéheun, bararundas
cur hujan, birat ngabret, angger rancucut, kucumus, muyigyig, kaburusan
rap calana sontog, rék néangan balakecrot nganggé balastrang penyu
neundeun kartu gambar dina senteng
isukanna nyamos aya nu maok duka kandi

kami, andika, urang sadaya baris ditelepék jaganing pagéto
naha sok sambéang tur maca Qur’an
atawa teu wawuh kana muken-muken acan
ulah owel ku banda pikeun sedekah ambéh barokah
mangka sabar jeung tawakal, tong sologoto
agéh babalik pikir meungpeung bika kénéh panto tobat

enjung indit makalangan jihâd fî sabîlillâh
sing tarapti dina mitapak, ngamumulé sunah Rasûlullâh
ngarah daang ponyo, pineuh tibra
mugia nagari nanjung tur makmur
baldatun thayyibatun wa rabbun ghafûr
rapih winangun kerta raharja

Baca Juga:

Puisi Sunda By Ustadz Awa Motivator Cinta | Viola Bunga Rosita | 4.5